View Full Version : Bahasa Sunda
Secret_Samadhi
December 28, 2006, 18:05
ngiring ah les susundaan, kumaha yeuh, daramang?
euleuh kang ti mana wae yeuh???
.fable
December 30, 2006, 08:17
Hek siah, keur nararaon maneh?
bejakeun siah..... :P :kabur: :kakaka:
*gw gak tau deh nih sebenarnya apa artinya ;D...temen gw yg blg post kaya gini ;D
citytown
December 30, 2006, 09:38
Hek siah, keur nararaon maneh?
bejakeun siah..... :P :kabur: :kakaka:
*gw gak tau deh nih sebenarnya apa artinya ;D...temen gw yg blg post kaya gini ;D
nanaonan meureun :haha
bejakeun = diaduin lho
kasar sih ini sundanya pake siah brit :kakaka:
jitak temen lo itu :kakaka:
Secret_Samadhi
December 30, 2006, 12:15
bejakeun siah ka si Bo Tat :kakaka:
Ecclesia
December 31, 2006, 06:39
:kakaka: urang ge sering da pake siah :kakaka:
maklum :maaf: sundana sunda preman :kakaka:
.fable
January 01, 2007, 20:09
:maaf: sama gw jg ;D :hehe
eardht
January 02, 2007, 16:00
ah siah, sok api2 brit, api2 teu nyaho, digulung ku aing siah!
:kakaka::kabur:
pu_dey
January 05, 2007, 18:55
Murid anyar yeuhhh...
ngiring atuh.....
:hehe
Secret_Samadhi
January 05, 2007, 19:01
ah siah, sok api2 brit, api2 teu nyaho, digulung ku aing siah!
edan siah yeuh guru na nganggo sunda terminal :haha
Murid anyar yeuhhh...
ngiring atuh.....
:hehe
mangga atuh dey, maneh mah geus alus sunda na.
Ecclesia
January 05, 2007, 19:29
sunda terminal jeung sundana preman nu mana yeuh nu leuwih alus? :kakaka:
dey ::wave:: enya kunaon nya anu ti bogor urang doang nu sundana preman :kakaka:
eardht
January 05, 2007, 20:51
sunda terminal jeung sundana preman nu mana yeuh nu leuwih alus? :kakaka:
dey ::wave:: enya kunaon nya anu ti bogor urang doang nu sundana preman :kakaka:
eta naon aya doangnyelap? :kakaka:
Secret_Samadhi
January 05, 2007, 23:32
"doang" itu kata bantu :haha (ancur pisan yeuh!!!)
Ivo
January 06, 2007, 00:01
halah, maneh teh teu bebeja ka ivo pd nongkrong didieu :o :kakaka:
sugan teh geus kapok ngejunk :nono
ieu deui modi mere contoh teu bener :o :P :kakaka:
yiyi
January 06, 2007, 03:29
ivo jd sakti ya sundanya? :eek: :kakaka:
Holy^Eve
January 06, 2007, 07:17
gila iya sakti ivo sundana..:)
ini pasti copy paste wkt nanya di ym ya vo :kakaka:
pu_dey
January 06, 2007, 07:25
:kakaka:
Ivo katempo wadulna...:kakaka:
neng Eccle... abdi teh pan pernah di bandung... ari bandung mah lemes paribasana...
tapi seeur hilapna oge...:hehe
:rock
Ivo
January 06, 2007, 14:22
buset :kakaka:
maneh orang pd maen fitnah wae :nono urang teu ada copast2an kok... itulah hasilnya kalo org mau belajar.. pasti sukses :o ini contohnya urang, skrg sundanya lancarrrrrr bgt :o :kakaka: :kakaka:
*padahal hasil copast dr yiyi td pagi :devil:* :kakaka:
makino
January 06, 2007, 14:24
iponkkkk...
M teu ngarti...(bener ga sih)) :kakaka:
Ivo
January 06, 2007, 14:34
sini M..
maneh mau di ajarin teu? :o tapi urang teu tanggung yak kalo maneh punya sunda ntar ancur lebur pisan :p :kakaka: :kakaka:
makino
January 06, 2007, 14:40
maneh tuh opo si ponk?? M ora ngarti... *koq jadi jawa sih...:kakaka:
Ivo
January 06, 2007, 14:50
maneh teh kamu M :haha
makino
January 06, 2007, 14:54
ohhh...
ngarti deh aing...:haha
*aing itu aku kan ponk???:haha
Secret_Samadhi
January 06, 2007, 15:28
aing aing... teu sopan siah!!! :haha
Holy^Eve
January 06, 2007, 15:37
tuh kan gue blg jg apa..pasti copy pastean yak vo :haha:
Secret_Samadhi
January 06, 2007, 15:43
neng Eccle... abdi teh pan pernah di bandung... ari bandung mah lemes paribasana...
tapi seeur hilapna oge...:hehe
:rock
lamun urang mah dey, lain seeur deui hilapna... teu bisaan lamun kudu bahasa lemes teh.
Cybelle
January 06, 2007, 15:51
seeur teh naon nya? :haha
Secret_Samadhi
January 06, 2007, 15:54
Cyb :D
"seeur" teh "banyak"
"seeuer hilapna" = banyak lupa nya :D
Ivo
January 06, 2007, 16:18
ohhh...
ngarti deh aing...:haha
*aing itu aku kan ponk???:haha
ee.. aing2 :nono teu sopran kata si mami panci M :haha
tuh kan gue blg jg apa..pasti copy pastean yak vo :haha:
hooh.. abis urang kan msh belajar xen :haha
anw xen, maneh bs sundaan? : hehe
raindrops
January 06, 2007, 17:04
wah... tos lila teu ngomong sunda. tapi maca thread teh mani ngeunah pisan.
btw seeur teh loba pan?
Cybelle
January 06, 2007, 17:09
Cyb :D
"seeur" teh "banyak"
"seeuer hilapna" = banyak lupa nya :D
oohh sarua jeung loba atuh..
ataw... alusna loba teh seeur nya?
teu tiasa make sunda alus :haha
Ecclesia
January 06, 2007, 18:09
:eek: pada alus kabeh nya ::cry::
jadi malu ::malu:: :kakaka:
atuh da abdi ti SD susundaana pas2an :kakaka:
Secret_Samadhi
January 06, 2007, 18:17
urang susundaan pas kuliah hungkul :hehe
.fable
January 07, 2007, 08:28
gila iya sakti ivo sundana..
ini pasti copy paste wkt nanya di ym ya vo
salah xen...dia copast dr thread si yiyi :haha
Ivo katempo wadulna...
neng Eccle... abdi teh pan pernah di bandung... ari bandung mah lemes paribasana...
tapi seeur hilapna oge...:hehe
masih bagus kok dey sundana :D
ohhh...
ngarti deh aing...
*aing itu aku kan ponk???
aing teu sopan M ;) pake urang ato abdi atuh...
:eek: pada alus kabeh nya ::cry::
jadi malu ::malu:: :kakaka:
atuh da abdi ti SD susundaana pas2an :kakaka:
urang sm kaya teh panci
urang susundaan pas kuliah hungkul
sama teh ;D
Ivo
January 07, 2007, 16:09
ari maneh kabeh mah susundaanna leuwih alus ti ivo : hehe
ivo susundaan ti smp, tapi sampe poe ieu teu bisa2 :kakaka: :P
Secret_Samadhi
January 07, 2007, 18:59
si Ipong wadug :haha
Ivo
January 09, 2007, 03:17
wadug teh naon mami? :haha
Secret_Samadhi
January 09, 2007, 12:01
wadug teh itu lho penyimpanan air :D :kakaka:
Ivo
January 09, 2007, 22:42
itu teh waduk mi, bukan wadug ;D
Secret_Samadhi
January 09, 2007, 22:56
wadug siah!! :haha
Ivo
January 09, 2007, 23:18
si Ipong wadug :haha
kumaha atuh mami? ;D
masa artinya jadi 'si Ipong penyimpanan air' ::mikir:: :kakaka:
pu_dey
January 11, 2007, 14:43
persamaan dari wadug adalah tatangkalan...
:kakaka:
gene
January 11, 2007, 15:29
Eh...ieu teh thread naon nya? Naha nu nyarios di dieu nggango Basa Sunda sadayana?
eardht
January 13, 2007, 13:20
ieu sakabeh2 sesat :kakaka:
waduk/wadug itu boong mi ;)
Eh...ieu teh thread naon nya? Naha nu nyarios di dieu nggango Basa Sunda sadayana?
ieu teh thread bahasa inggris, matakna kabeh susundaan :haha
gene
January 13, 2007, 20:00
ieu sakabeh2 sesat :kakaka:
waduk/wadug itu boong mi ;)
ieu teh thread bahasa inggris, matakna kabeh susundaan :haha
Ari bahasa Inggris "Susundaan" teh naon nya? :D
Secret_Samadhi
January 13, 2007, 22:52
Cari atuh di kamus sunda-inggris :D
Urang ge rek meli lah mun balik ka Indo.
gene
January 13, 2007, 23:53
Cari atuh di kamus sunda-inggris :D
Urang ge rek meli lah mun balik ka Indo.
Euweuy euy....can manggih!
Aya oge "Pamekar Basa", buku tata basa Sunda kanggo Sakola Dasar :D
Alus euy Avatar-na, sigana gancang asak tah mun masak make tolombong nu bisa diasupan sirah :D
Secret_Samadhi
January 14, 2007, 00:01
Euweuy euy....can manggih!
Aya oge "Pamekar Basa", buku tata basa Sunda kanggo Sakola Dasar :D
Alus euy Avatar-na, sigana gancang asak tah mun masak make tolombong nu bisa diasupan sirah :D
Edun, basa sunda maneh canggih Gen ::up:: Urang mah teu tiasa sunda nu siga maneh :haha
Tolombong teu panci nyak? Nyak atuh, lamun asak sangu mah gancang :haha
gene
January 15, 2007, 11:25
Edun, basa sunda maneh canggih Gen ::up:: Urang mah teu tiasa sunda nu siga maneh :haha
Tolombong teu panci nyak? Nyak atuh, lamun asak sangu mah gancang :haha
Tolombong teh paranti masak sangu, sarua siga nu nutupan sirah dina Avatar.
Panci mah nu leutik, nu sok dipake masak super mie :D
eardht
January 16, 2007, 08:34
aya teu sih kamus sunda na internet?
ngagugle te panggih euy, panggih oge teu bisa dibuka :haha
gene
January 16, 2007, 13:44
aya teu sih kamus sunda na internet?
ngagugle te panggih euy, panggih oge teu bisa dibuka :haha
Sigana can aya Eardht. Nyieun atuh...
eardht
January 16, 2007, 15:34
ah, engke moal aya nu ngadatangan, hoream ah :haha
gene
January 17, 2007, 00:23
ah, engke moal aya nu ngadatangan, hoream ah :haha
Bener, mending oge ngobrol make Basa Sunda. Ngobrol oge sok loba nu teu ngarti :D
ueto
January 23, 2007, 10:28
anjing=gogog
gene
January 24, 2007, 12:50
anjing=gogog
Naon ieu teh?
Burung = manuk
Ikan = lauk
Kerbau = munding
Tikus = beurit
Kelelawar = kalong
Capung = papatong
Belalang = simeut
Nyamuk = reungit
Musang = careuh
::ngoceh:: ::ngoceh:: ::ngoceh::
Secret_Samadhi
January 24, 2007, 15:36
wah canggih yeuh si Gene ::up::
hayuh tambahan deui atuh....
ueto
January 29, 2007, 09:49
anjing=gogog
babi=babi
kucing=ucing
elang=heulang
kecoa=cucunguk
cicak=cakcak
geus lah...
ayeunamah urang anak-anakan
anak ucing=meong
anak anjing=guk-guk
anak beurit=cit-cit-cit
anak hayam=ciak
ari anak munding naon basa sundana euy poho deui?
gene
January 29, 2007, 10:50
Ngarang ah maneh mah....
anak anjing = kirik
anak hayam = piyik
anak ucing = bilatung
anak munding = eneng (kade euy...ulah patukeur jeung awewe)
anak sapi = pedet
anak kuda = belo
anak jelema = orok, he..he..he..
Secret_Samadhi
January 29, 2007, 14:09
kirik teh sunda oge nyak Gen? sugan teh jawa hungkul
gene
January 29, 2007, 23:30
kirik teh sunda oge nyak Gen? sugan teh jawa hungkul
Teuing atuh? Ari di jawa artina kirik naon?
Secret_Samadhi
January 30, 2007, 11:39
Sarua gen, di jawa ge artina "anak anjing" :haha
ueto
February 01, 2007, 09:37
Sarua gen, di jawa ge artina "anak anjing" :haha
beda nya euy jeung di inggris..
di inggris mah anak anjing teh puppy
gene
February 01, 2007, 10:42
Mun di inggris anjing teh DOG
Mun korsi the CHAIR
Dihijikeun .... DOG-DOG-CHAIR
Secret_Samadhi
February 01, 2007, 10:56
beda nya euy jeung di inggris..
di inggris mah anak anjing teh puppy
lanceukna batur urang ngarana teh poppy siah :haha mirip...
Mun di inggris anjing teh DOG
Mun korsi the CHAIR
Dihijikeun .... DOG-DOG-CHAIR
naon iyeuh teh :kakaka:
eardht
February 03, 2007, 16:51
:kakaka:
dateng lagi kesini kok gw malah ngakak2 sampe jadi lupa bahasa sunda :kakaka::kakaka:
gene
February 04, 2007, 00:52
Asal ulah ngakak sorangan, Eardht. Bisi disangka nu gelo anyar [nunjuk]
ueto
February 05, 2007, 09:08
lanceukna batur urang ngarana teh poppy siah :haha mirip...
wah maenya om?
kenalkeun tuh jeung anjing urang!
kabeneran anjing urang keur jomblo...
Secret_Samadhi
February 05, 2007, 16:54
:kakaka:
dateng lagi kesini kok gw malah ngakak2 sampe jadi lupa bahasa sunda :kakaka::kakaka:
kamana hungkul jang??? :D
Asal ulah ngakak sorangan, Eardht. Bisi disangka nu gelo anyar [nunjuk]
loba lamun nu gelo mah di [WG] :haha
Secret_Samadhi
February 05, 2007, 16:55
wah maenya om?
kenalkeun tuh jeung anjing urang!
kabeneran anjing urang keur jomblo...
naha garing maneh teh bencanda na :o
gene
February 06, 2007, 00:07
loba lamun nu gelo mah di [WG] :haha
Nggeus puguh di WG teh eusina nu gelo wungkul, ditambahan hiji deui ku si Eardht.
gene
February 06, 2007, 00:09
wah maenya om?
kenalkeun tuh jeung anjing urang!
kabeneran anjing urang keur jomblo...
Anjing sagede pelok
Ngaranna anjing bulldog
Dina panto ngajeblag
"Awas ada anjing galak"
pu_dey
February 06, 2007, 07:51
:kakaka:
sieun lamun aya anu galak mah... :P
Gene eta di avatar saha??
foto baheula pisan... geus ewueh jelemana meureun.. :haha
gene
February 06, 2007, 08:10
:kakaka:
sieun lamun aya anu galak mah... :P
Gene eta di avatar saha??
foto baheula pisan... geus ewueh jelemana meureun.. :haha
Sagalak-galakna anjing, leuwih sieun diudag soang urang mah. [gukguk] Beuheungna eta bisa manjangan euy...mangka mun macok cenah 2 poe teu leungit nyerina
Pasti atuh nggeus almarhum. Jadi sabenerna di [WG] teh loba JURIG....
eardht
February 06, 2007, 15:36
Asal ulah ngakak sorangan, Eardht. Bisi disangka nu gelo anyar [nunjuk]
ah, uwing mah geus teu anyar deui gelona :haha
kamana hungkul jang??? :D
tapa :D
teteh kamana wae? urang 3 poe pupuyeran di YM tara panggih wae :D
aNNeza
February 06, 2007, 16:12
ih... ngiluan atuh :D
kakara nyaho aya thread kos kieu :kakaka:
Ecclesia
February 06, 2007, 16:17
euleuh2 si eneng kadieu :kakaka:
damang teu di karawaci? ::brow:: lamun aya nanaon, pannyahoan urang atuh :haha
Secret_Samadhi
February 06, 2007, 20:17
Gene eta di avatar saha??
foto baheula pisan... geus ewueh jelemana meureun.. :haha
Eta saha sih Gene? Gene Kelly lain? ::mikir::
tapa :D
teteh kamana wae? urang 3 poe pupuyeran di YM tara panggih wae :D
tapa? :D Meunang naon maneh bertapa? Meunang jodoh teu?
Urang seueur gawean euy, mangkaning tara ngiluan conf yeuh..aing mah ::sedih::
gene
February 06, 2007, 22:43
Urang teh turunan Mbah Gene Kelly, Ceu! Ngan beda indung, beda bapa ::bwekk::
Keur naon wayah kiwari ngadon tapa? Mindahkeun banjir ti Jakarta? Ulah ah...mun Bandung banjir, Jakarta tinggal katempo Monas :shock:
ueto
February 07, 2007, 08:27
Anjing sagede pelok
Ngaranna anjing bulldog
Dina panto ngajeblag
"Awas ada anjing galak"
maksudna naon om?
naha teu nyambung?
gene
February 07, 2007, 11:52
Eta teh lagu, To! Mun keur SD diajar basa sunda pasti diajarkeun
Secret_Samadhi
February 07, 2007, 15:49
Urang teh turunan Mbah Gene Kelly, Ceu! Ngan beda indung, beda bapa ::bwekk::
Keur naon wayah kiwari ngadon tapa? Mindahkeun banjir ti Jakarta? Ulah ah...mun Bandung banjir, Jakarta tinggal katempo Monas :shock:
Gene Kelly bisa tari Sunda teu nyak? :P
Maneh kebanjiran teu Gene?
eardht
February 07, 2007, 15:55
gene teh emang lain di bandung nyak?
gene
February 07, 2007, 23:34
Bisana sisingaan urang mah. Tapi jadi nu digotongna :hehe
gene
February 07, 2007, 23:41
gene teh emang lain di bandung nyak?
Bulak-balik Cipularang, Eardht ::teleport
Maklum euy, SIMATUPANG! [supir]
Secret_Samadhi
February 08, 2007, 00:01
Simatupang teh naon sih jang?
gene
February 08, 2007, 04:05
SIang MAlam TUnggu PANGgilan
ueto
February 08, 2007, 13:25
huahuaha..
cikaracak ninggang batu
lila lila jadi legok
hulu ditingangan ku batu
lila lila jadi legok..
Secret_Samadhi
February 08, 2007, 15:09
SIang MAlam TUnggu PANGgilan
:kakaka: gelo siah!
eardht
February 08, 2007, 20:22
nu gelo nyengseurikeun nu gelo :kakaka:
gene
February 08, 2007, 22:29
huahuaha..
cikaracak ninggang batu
lila lila jadi legok
hulu ditingangan ku batu
lila lila jadi legok..
Cikaracak ninggang batu
lila lila jadi legok
Anu pecak nyeri huntu
Di alun-alun aya nu nyabok
Cikaracak ninggang batu
lila lila jadi legok
Tai cakcak ninggang huntu
laun-laun dilebok
gene
February 08, 2007, 22:31
nu gelo nyengseurikeun nu gelo :kakaka:
Nu gelo keur maca postingan nu gelo [nunjuk]
Secret_Samadhi
February 09, 2007, 22:46
thread jelema gelo yeuh :haha
gene
February 10, 2007, 00:54
Katempo tina Avatar-na oge. Aya nu masang foto jurig, tolombong dina sirah, samangka nu teu bisa ngagorolong....
pu_dey
February 11, 2007, 04:13
bae we... batur nu gararelo...
kecuali urang nya... :haha
gene
February 11, 2007, 10:12
Percaya lah... biasana jelema beleger mah meuseul jelema teh make leungeun.
Mun meuseul make suku berarti.........GELO! :kakaka:
ueto
February 11, 2007, 11:19
Cikaracak ninggang batu
lila lila jadi legok
Anu pecak nyeri huntu
Di alun-alun aya nu nyabok
Cikaracak ninggang batu
lila lila jadi legok
Tai cakcak ninggang huntu
laun-laun dilebok
modar we ngadahar tai cak2...
eardht
March 01, 2007, 13:13
kumaha yeuh kabarna thread basa sunda... :D
Katempo tina Avatar-na oge. Aya nu masang foto jurig, tolombong dina sirah, samangka nu teu bisa ngagorolong....
:kakaka::kakaka::kakaka:
Secret_Samadhi
March 01, 2007, 21:18
aing mah diditu bahasa palembang didieu susundaan.... riyeut aing!! :haha
eardht
March 02, 2007, 08:30
nya heueuh atuh, emang wayahna didieu make basa sunda, didinya make basa plg (eh, didinya dimana nya btw? :hehe) make rieut sagala :p
sayah mah teu rieut, ngan rada2 jangar :haha
gene
March 02, 2007, 08:55
Ubarna rieut mah PANAKOL
Mun ubarna jangar DAGORIN
ueto
March 03, 2007, 08:07
jangar mah ubarna lain dagorin..
tapi praktekin...huahauahuauaaa.....
gene
March 03, 2007, 12:12
Eta mah lain jangar atuh... Aya hormon teu kaluar, matak rieut nepi ubun-ubun.
Ubarna PRAMESWARI, SERIMPI bisa oge JELITA.
Biasa...beuteung seubeuh, duit weuteuh, kanyut baseuh.......
eardht
March 05, 2007, 09:03
aing mah, beuki kadieu beuki teu kaharti sundana euy :haha
gene
March 05, 2007, 11:26
Nu penting mah mun nu diajak ngobrol make basa sunda huluna unggeuk-unggeukan berarti manehna ngarti.
Tapi mun huluna gideug berarti kudu diajak ngobrol make basa urdu...
ueto
March 06, 2007, 08:52
Nu penting mah mun nu diajak ngobrol make basa sunda huluna unggeuk-unggeukan berarti manehna ngarti.
Tapi mun huluna gideug berarti kudu diajak ngobrol make basa urdu...
urdu teh bahasa naon?
gene
March 06, 2007, 10:01
Naon atuh nya? Sarua jeung sunda buhun, basa sunda jaman aki-aki jeung nini-nini. Contona mah mun ka pasar rek meuli bola keur maen sepak bola, ulah ngomong "Aki aya bola teu?" dan aki-aki mah ngartina bola teh benang
Mun dibere nyaho "bola" nu diteangan teh keur olahraga karek ngomong "Oh, eta mah bal atuh, Jang!"
Aya nu nyaho "gilinding" teu?
ueto
March 07, 2007, 13:20
Naon atuh nya? Sarua jeung sunda buhun, basa sunda jaman aki-aki jeung nini-nini. Contona mah mun ka pasar rek meuli bola keur maen sepak bola, ulah ngomong "Aki aya bola teu?" dan aki-aki mah ngartina bola teh benang
Mun dibere nyaho "bola" nu diteangan teh keur olahraga karek ngomong "Oh, eta mah bal atuh, Jang!"
Aya nu nyaho "gilinding" teu?
njis...
keren..
Gilinding??
ngagulitik lain??
eardht
March 07, 2007, 13:27
eta mah definisi bhs urdu menurut org sunda :haha
aya deui maneh bahasa urdu enyaan :D
eh, ari gilinding teh naon deui?
Secret_Samadhi
March 07, 2007, 15:38
ngagalinding? :haha
eardht
March 07, 2007, 17:03
aya oge ngagorolong :haha
mana si gene teh? naon eta gilinding teh? aya tilu jelema panasaran yeuh, sing kaburu paeh jadi arwah panasaran maneh :kakaka:
Ecclesia
March 07, 2007, 17:31
jadikeun opat ear :kakaka:
ih nggeus lila teu kadieu :hehe
2hot4u
March 07, 2007, 17:33
gw salah thread neh...
rimei
March 08, 2007, 05:58
Aduh geningan aya thread sunda... Rame sigana.... :haha
Asa di lembur euy.... maklum we da jauh ti Bandung. Dikantor lolobana orang jawa.
Teu ngarti ngaromong naon... meni geuleuh.... ::grrr::
Kamarane yeuh?? meni sepi..... hayu atuh urang ngobrol....
eardht
March 08, 2007, 09:18
diajar atuh meh ngarti :p
hayu atuh mei urang ngobrol :hehe
rimei
March 08, 2007, 10:40
Pernah diajar bhs jawa, tp ngartina teh ngan lagu cucok rowo wungkul :haha. Ah keur naon diajar bhs jawa, kecuali lamun kabogoh abdi engke orang jawa :p. Punten nya tadi seueur padamelan janten teu ngecek WG. Ngobrol naon atuh nya?
eardht
March 08, 2007, 12:12
nya diajar we atuh, naon salahna ;D
ngobrol naon we lah... ke ge mun jurig2na geus daratang pasti rame :haha
rimei
March 08, 2007, 12:27
Naha geningan aya jurigan? Alim ah lamun kitu mah, sieun... Aduh lieur euy ku thesis. Teu dikerjakeun tp kapikiran wae. Ari dikerjakeun kalahkah jangar. Jigana moal baleg, kudu disarekeun :hehe
Ecclesia
March 08, 2007, 13:29
saha jurignya? squish nya o :kakaka:
Secret_Samadhi
March 08, 2007, 13:42
saha jurignya? squish nya o :kakaka:
naon jurig? saha nu jurig?
http://cheesebuerger.de/images/midi/teufel/d020.gif
eardht
March 08, 2007, 16:04
maneh panci :kakaka::kabur:
Secret_Samadhi
March 08, 2007, 21:19
maneh panci :kakaka::kabur:
naha urang? http://cheesebuerger.de/images/midi/engel/d040.gif
ueto
March 09, 2007, 16:03
aya oge ngagorolong :haha
mana si gene teh? naon eta gilinding teh? aya tilu jelema panasaran yeuh, sing kaburu paeh jadi arwah panasaran maneh :kakaka:
hahahhha..
ngagorolong meureun..
eardht
March 09, 2007, 16:50
naha urang? http://cheesebuerger.de/images/midi/engel/d040.gif
yeuh sababna
saha jurignya? squish nya o :kakaka:
:kakaka::kabur:
hahahhha..
ngagorolong meureun..
maenya sih gilinding = ngagorolong? lain geura, pasti jauh pisan... biasana mah kitu :haha
gene
March 09, 2007, 20:18
Jurigna datang siah....
Mawa gilinding.......:kakaka:
Gilinding teh nu aya 4 siki dina mobil. Ban ceuk urang Melayu mah, Tyre mun ceuk urang Margaret Thatcher
Mobil mah gilindingna 4, mun keretek gilindingna sabaraha? :kakaka:
eardht
March 09, 2007, 20:43
tuh bener kan? jauh panggang dari api :kakaka:
ari keretek naon deui? udud? :bingung:
gene
March 10, 2007, 01:59
Eta mah rokok 'keretek' euy ... :D
Keretek mah nu sok ditarik ku kuda, kadang-kadang make munding di kampung mah. Aya oge nu nyebut 'sado'. Di Yogya nu loba keneh keretek mah, sok nawarkeun 'tour' nguriling Yogya bari buntut-buntutna kudu eureun mun teu meuli bakpia atawa kaos Dagadu, boh Dagadu asli, boh nu palsu...
eardht
March 10, 2007, 12:48
oh eta, loba keneh didieu oge nu kita mah, di cimahi, banjaran, pokokna mah nu bandung coret we :haha. Kela... ari dibandungna (kota) pernah ngali teu nya? ::mikir::
maneh nyaho timana eta gene? can pernah ngedenge urang leuwih sapuluh taun di bdg oge
maneh guru basa sunda nya? :haha
ueto
March 10, 2007, 13:11
Jurigna datang siah....
Mawa gilinding.......:kakaka:
Gilinding teh nu aya 4 siki dina mobil. Ban ceuk urang Melayu mah, Tyre mun ceuk urang Margaret Thatcher
Mobil mah gilindingna 4, mun keretek gilindingna sabaraha? :kakaka:
wah!
maenya ne?sing waras maneh..!
gilinding teh ngalinting lain..?
"beak sabaraha linting maneh nepi ka ongkek?dua....dua...duapuluh dua linting..!!
::sedih:: ::sedih:: ::sedih::
gene
March 11, 2007, 00:52
maneh guru basa sunda nya? :haha
Tah kitu pan...pasti kabeh nyangka kuring urang Sunda. Padahal urang mah ti Bojongsalam....
gene
March 11, 2007, 00:54
wah!
"beak sabaraha linting maneh nepi ka ongkek?dua....dua...duapuluh dua linting..!!
::sedih:: ::sedih:: ::sedih::
Alah...si Ueto beuki ngalinting. Jadi inget baheula keur SMP usum CIMENG jeung pel BK. Eh...nggeus ah, jadi ngaco...
Secret_Samadhi
March 11, 2007, 13:56
saha nu sok ngalinting? urang mah tara ngalinting, siuen paeh urang :haha
eardht
March 11, 2007, 14:43
hus, geus karolot ih, masih keneh marake nu kita. Sing rada elit atuh :kakaka:
gene
March 11, 2007, 16:11
Urang oge tara ngalinting mah, ngan baheula keur usum leungeun seragam dilinting sok pipilueun. Ngarah kesan-na okem...:kakaka:
Ecclesia
March 11, 2007, 16:46
okem atawa jegger yeuh gene? :kakaka:
sundana gene alus pisan :bravo:
gene
March 11, 2007, 23:48
okem atawa jegger yeuh gene? :kakaka:
sundana gene alus pisan :bravo:
Alah...nggeus lila nya teu ngadenge 'jeger' (jelema gering). Jaman-jaman anting sabeulah jeung buuk panjang (metal....:rock :rock :rock ).
ueto
March 13, 2007, 08:55
saha nu sok ngalinting? urang mah tara ngalinting, siuen paeh urang :haha
ari nu elit naon atuh?
perasaan ngalinting lumayan elit daripada pil koplo mah!
eardht
March 13, 2007, 14:25
:kakaka:
koplo :kakaka:
ah, sakali2 posting nu rada serius ah :hehe
ari "pundung" teh naon nya basa indonesiana? aing mah, hese unggal2 aya nu nanya "pundung apaan sih?"
da hese atuh ngajelaskeuna, aya teu sih sabenerna na basa indo?
gene
March 14, 2007, 02:51
:kakaka:
koplo :kakaka:
ah, sakali2 posting nu rada serius ah :hehe
ari "pundung" teh naon nya basa indonesiana? aing mah, hese unggal2 aya nu nanya "pundung apaan sih?"
da hese atuh ngajelaskeuna, aya teu sih sabenerna na basa indo?
Pundung teh MERAJUK, Eardht
Nu euweuh basa indonesia-na mah NYANDUNG...::ladysman
rimei
March 14, 2007, 05:37
Pundung teh MERAJUK, Eardht
Nu euweuh basa indonesia-na mah NYANDUNG...::ladysman
Nyandung teh Selingkuh lain nya???
atawa mendua?? :hehe
Teu ngeunaheun ah make bahasa indonesia mah.
Anu bener2 euweuh bahasa indonesia-na mah NGABUBURIT atuh Aa...
nepikeun ka utah uger oge moal kapanggih bahasa indonesia-na :haha
eardht
March 14, 2007, 06:46
eh bener nya, heueuh merajuk, belegug siah eardht, bisa teu kapikiran :haha
nuhun ah gene, bener2 maneh nya, guru basa sunda :hehe
aya atuh mei ngabuburit mah "menunggu waktu berbuka puasa" :haha
nyandung? naon deui eta?
rimei
March 14, 2007, 07:48
aya atuh mei ngabuburit mah "menunggu waktu berbuka puasa" :haha
Teu aci ah.... eta mah definisi atuh... :hehe
gene
March 14, 2007, 09:22
Ari selingkuh mah masih 'bermain api' keneh...
Mun NYANDUNG mah nggeus puguh dikawin, siga bandar beas di Karawang mun keur usum panen, gawena NYANDUNG. Ari disebut poligami, aya sasaruanana, tapi ari NYANDUNG mah 'kudu' jeung nu ngora, malah seringna mah sok jeung sinden atawa penyanyi organ tunggal...::ladysman
Ngabuburit pan kata kerja? Jadi sarua jeung menunggu 'burit' atawa ngabuburit teh ngabubur beurit....:kakaka:
Secret_Samadhi
March 14, 2007, 21:14
nyaho teu lamun "burit" teh dalam bhs banjar (kalsel) artina teh "bujur" :haha Nah lamun "bujur" diditu teh artina "bener" :haha
gene
March 15, 2007, 00:22
Ngabuburit = ngabubur bujur :hehe
Ngeunah sigana nya, komo mun bujurna demplon mah...
ueto
March 16, 2007, 13:29
naon maksudna eta ne?
sodomi?
ueto
March 16, 2007, 13:29
Pundung teh MERAJUK, Eardht
Nu euweuh basa indonesia-na mah NYANDUNG...::ladysman
kawin lagi lain?
gene
March 16, 2007, 17:04
naon maksudna eta ne?
sodomi?
Hus...ulah ulin cocolokan ah, pamali
gene
March 16, 2007, 17:06
kawin lagi lain?
Kawin lagi mah bisa oge keur duda. Ari ieu mah pamajikan nu mimiti aya keneh, ngadon kawin deui jeung parawan.
rimei
March 17, 2007, 08:50
Kawin lagi mah bisa oge keur duda. Ari ieu mah pamajikan nu mimiti aya keneh, ngadon kawin deui jeung parawan.
:kakaka: ah ceuk saha lamun NYANDUNG teh hartina geus boga pamajikan trus ngadon kawin deui jeung PARAWAN????
Nya lamun geus boga pamajikan trus kawin deui jeung JANDA oge disebutna NYANDUNG atuh...
Ngan jigana lamun lalaki mah lamun nyandung mah hayangna teh jeung parawan..... :D
Ngaku lah.... :D
eardht
March 17, 2007, 11:26
aing mah, bosen deui ieu2 wae topikna teu didinya teu didieu teu dimana2 :o
gene
March 17, 2007, 11:40
Maksudna topik nyandung, Eardht? Pedah keur usum wungkul....
Engke mun nggeus teu usum mah leungit sorangan, siga usum langlayangan jeung usum duren... :hehe
eardht
March 17, 2007, 11:49
heueuh gene, tapi ieu usumna lila teuing ah, bosen sayah :haha
gene
March 19, 2007, 01:30
Nu keur usum ayeuna naon atuh?
eardht
March 19, 2007, 01:55
ayeuna mah keur usum duku euy didieu ::v::
ueto
March 19, 2007, 08:09
di urang mah keur usum bangsat..!
lumayanlah hiburan..!jelema keur saletres kabeneran aya bangsat..kan lumayan jang ngalampiaskeun kapusing milu ngagebugan..!
lamun aya nu katewak bisa dijieun suluh..lumayan keur usum hujan kieu jang siduru..!
gene
March 19, 2007, 13:26
Tah ieu yeuh nu beda ti mangsana mah... Lainna bangsat mah euweuh 'tangkal'-na nya, tapi bisa usum.
Tapi bener oge nya, ayeuna mah nu sok ngagarong teh lain nu sangsara wungkul, nu nggeus loba teuing duit oge teu bosen-bosen ngagarongan nagara.
eardht
March 19, 2007, 14:11
nu nggeus loba teuing duit oge teu bosen-bosen ngagarongan nagara.
tah nu kieu yeuh, kakarak pantes digebugan :mad:
ari saukur maling sendal mah watir2 teuing atuh ueto :p
komo nepi dijieun suluh mah, watir maneh, rek dipaehan mah paehan we sing gancang, tong make acara diduruk sagala :(
gene
March 20, 2007, 00:20
Maling sendal di masjid teh usum keneh? ::sedih::
Baheula urang pernah jadi korban leungit sendal. Untung minggu hareupna balik deui ka masjid nu sarua, kapanggih deui eta sendal, nya ku urang dicokot deui :kabur:
gene
March 20, 2007, 00:21
tah nu kieu yeuh, kakarak pantes digebugan :mad:
ari saukur maling sendal mah watir2 teuing atuh ueto :p
komo nepi dijieun suluh mah, watir maneh, rek dipaehan mah paehan we sing gancang, tong make acara diduruk sagala :(
Kumaha mun dieleketek nepi ka paeh?
Ari jelema dieleketek bisa paeh teu nya? ::mikir::
criwies
March 20, 2007, 02:27
cing test IQ :
meuli kasur keur naon?
rimei
March 20, 2007, 05:43
Kumaha mun dieleketek nepi ka paeh?
Ari jelema dieleketek bisa paeh teu nya? ::mikir::
can pernah ngadangu lamun aya anu dikeleketek nepi ka paeh mah... lamun nepi ka pingsan mah aya... dulur urang tah... :kakaka:
rimei
March 20, 2007, 05:53
cing test IQ :
meuli kasur keur naon?
keur naon nya??? keur ranjang???
gene
March 20, 2007, 06:13
cing test IQ :
meuli kasur keur naon?
- Keur sare
- Keur ngeusian ranjang
- Keur Bu Kasur jeung Pa Kasur :)
criwies
March 20, 2007, 06:26
salah...nu bener mah keur beunta...maenya keur sare bisa meuli kasur...
hahahaha jeung keur boga duit....!!!!
gene
March 20, 2007, 07:30
Lamun hayam rintit nongeng ka langit?
Geuleuh nya...?
rimei
March 20, 2007, 09:01
Lamun hayam rintit nongeng ka langit?
Geuleuh nya...?
Naha jeung geuleuh??? :bingung:
Ah piktor nya???
Jawabannya pan ganas :D
rimei
March 20, 2007, 09:04
salah...nu bener mah keur beunta...maenya keur sare bisa meuli kasur...
hahahaha jeung keur boga duit....!!!!
:kakaka: pikasebeleun.... teu boga duit oge ayeuna mah bisa meuli kasur atuh, make kartu kredit weh.. :hehe
rimei
March 20, 2007, 09:47
Poe naon anu sok nyieun hate teu tenang?
gene
March 20, 2007, 10:46
Naha jeung geuleuh??? :bingung:
Ah piktor nya???
Jawabannya pan ganas :D
Hayam rintit nonggeng ka langit, ganas ngarana
Terus...
gene
March 20, 2007, 10:47
Poe naon anu sok nyieun hate teu tenang?
Poek mongkleng....loba jurig...:kabur:
eardht
March 22, 2007, 18:57
:bingung:
teu kaharti euy sundana :haha
rintit = ?
mongkleng = ?
gene
March 22, 2007, 19:04
Rintit sarua jeung rancung, siga buuk-na barudak Good Charlotte
Poek mongkleng teh Gelap Gulita. Ari 'Gulita' teh naon nya....?
eardht
March 22, 2007, 19:25
tah rancung mah kaharti sayah
atuh brarti gulita =mongkleng lain? pan poek = gelap :D
rimei
March 22, 2007, 23:02
Gulita mah urang teu nyaho, lamun gulali tah urang nyaho pisan :kakaka:
rimei
March 22, 2007, 23:06
Poek mongkleng teh jigana mah poek pisan nepikeun ka teu katempo nanaon :hehe
waxwax
March 24, 2007, 16:10
sararap ieu jalma teh geuning nya...
gusti nu agung...
mamang mah nembean ningali jalmi anu model kieu...
kaula bade ningali heula eta wayang...
arjunaaaaa.....terektektek...........
kadieu sakedap.......
(aing gelo)
gene
March 24, 2007, 23:10
sararap ieu jalma teh geuning nya...
gusti nu agung...
mamang mah nembean ningali jalmi anu model kieu...
kaula bade ningali heula eta wayang...
arjunaaaaa.....terektektek...........
kadieu sakedap.......
(aing gelo)
Nambahan nu gelo hiji deui euy.........[nunjuk]
gene
March 24, 2007, 23:11
Hayam rintit nonggeng ka langit, ganas ngarana
Terus...
Hayam rintit nonggeng ka langit, ganas ngarana
Nini-nini dicoco reungit, panas karasana
rimei
March 25, 2007, 00:41
Karek nyaho aya terusanna geningan hayam rintit nonggeng ka langit teh... :kakaka:
Jigana indung urang oge teu nyahoeun :haha.
criwies
March 26, 2007, 03:50
naon hartina "cikaracak ninggang batu lau2n jadi legok" ?
selamat mikir
Radeon_001
March 26, 2007, 08:48
naon hartina "cikaracak ninggang batu lau2n jadi legok" ?
selamat mikir
eta sey... peribahasa sunda nya?
teu nyaho...ah! lamun peribahasa sunda maah!
Raden Mahesa
March 26, 2007, 13:38
nyaho lah kuring...!
hartina sa'dableg-dableg'na jelema, mun tuluy dipangaruhan, kapangaruhan oge jadina...
(meni so tau ya gua? bwakakakakaka..)
nya kinten2 kitu lah, benten saalit mah wajar heuh? huahahahaha
Raden Mahesa
March 26, 2007, 13:46
eh enya poho euy, ai sayah can memperkenalken diri...
nama: mahesa
domisili: bandung wes japa
mangtaun-taun sim kuring di WG karek ayeuna manggihan thread susundaan euy! resep macana ge... salut lah buat thread starterna..
hapunten weh kanu sodara-sodari nu lemes dina nyunda na, da kuring mah sawareh sunda sawareh deui sumatra... wayahna ciyek duo tigo jadi hiji dua tilu bari teu ngenah didenge na.. heuheu..
sip lah, jales pipa jaya mahe! kosta rika paris pan japa!
gene
March 26, 2007, 15:23
naon hartina "cikaracak ninggang batu lau2n jadi legok" ?
selamat mikir
Cikaracak ninggang batu, laun-laun jadi legok
Anu pecak nyeri huntu, di alun-alun aya nu nyabok
Cikaracak ninggang batu, laun-laun jadi legok
Tai cakcak ninggang huntu, laun-laun dilebok
gene
March 26, 2007, 15:25
Ari "Bru di juru, bro di panto, ngalayah di tengah imah" naon cing?
waxwax
March 29, 2007, 07:39
Cikaracak ninggang batu, laun-laun jadi legok
Anu pecak nyeri huntu, di alun-alun aya nu nyabok
Cikaracak ninggang batu, laun-laun jadi legok
Tai cakcak ninggang huntu, laun-laun dilebok
goblog....whahahahahahahahahaaaaa......
aya ucing dina kenteng...
cing nyeteng...
waxwax
March 29, 2007, 07:45
Ari "Bru di juru, bro di panto, ngalayah di tengah imah" naon cing?
modol....:hehe :hehe :hehe:hehe :hehe :hehe
gene
March 29, 2007, 13:38
modol....:hehe :hehe :hehe:hehe :hehe :hehe
Gelo siah....
Maenya modol di tengah imah, kawas ucing garong...[kitty]
waxwax
March 30, 2007, 07:47
Gelo siah....
Maenya modol di tengah imah, kawas ucing garong...[kitty]
kalakuan si ucing garong....:kakaka: :kakaka:
rimei
April 01, 2007, 12:44
Cikaracak ninggang batu, laun-laun jadi legok
Anu pecak nyeri huntu, di alun-alun aya nu nyabok
Cikaracak ninggang batu, laun-laun jadi legok
Tai cakcak ninggang huntu, laun-laun dilebok
:kakaka: ah gelo... maenya ngadahar tai cakcak!!!
Eh aya geningan baheula jajanan basa keur leutik... jiga tai cakcak... warna warni kitu lah...
Lain cha-cha nya da eta mah badag... anu laleutik geningan...
Jadi inget, ari coklat hayam aya keneh henteu nya??
Naha jadi kana dahareun nya??? :p
rimei
April 01, 2007, 12:53
Ari "Bru di juru, bro di panto, ngalayah di tengah imah" naon cing?
Beunghar!!!! ::GP:: ::GP::
Bener teu Aa?? ::v::
rimei
April 01, 2007, 13:03
modol....:hehe :hehe :hehe:hehe :hehe :hehe
Gelo pisan... :kakaka:
Meni kapikiran kana modol sagala...
Tapi bener emang, urang baheula boga kelenci ngarana Shiro. Tah lamun modol teh bru di juru, bro di panto, ngalayah di tengah imah... :kakaka:
gene
April 01, 2007, 13:37
Beunghar!!!! ::GP:: ::GP::
Bener teu Aa?? ::v::
Bener sih...[clap]
Tapi ari tina artina mah "Bru di juru, bro di panto, ngalayah di tengah imah" teh siga imah pabalatak. Ngedul beberes nu boga imahna...
gene
April 01, 2007, 13:39
:kakaka: ah gelo... maenya ngadahar tai cakcak!!!
Eh aya geningan baheula jajanan basa keur leutik... jiga tai cakcak... warna warni kitu lah...
Lain cha-cha nya da eta mah badag... anu laleutik geningan...
Jadi inget, ari coklat hayam aya keneh henteu nya??
Naha jadi kana dahareun nya??? :p
Eta mah endog cakcak. Aya keneh di daerah Kosambi, coklat hayam oge aya, jeung permen nogat nu gambarna jelema keur ngojay + coklat Suzana
rimei
April 01, 2007, 13:45
Bener sih...[clap]
Tapi ari tina artina mah "Bru di juru, bro di panto, ngalayah di tengah imah" teh siga imah pabalatak. Ngedul beberes nu boga imahna...
Ooohhhh anu ditanya teh naon atuh???
Nya emang siga imah pabalatak, kamar abdi oge kitu... :D.
Tapi asa teu nyararambung nya? emangna anu beunghar teh nunda duitna bru di juru, bro di panto kitu???
Mun enya mah gampang dipaokna atuh... :hehe
rimei
April 01, 2007, 13:48
Eta mah endog cakcak. Aya keneh di daerah Kosambi, coklat hayam oge aya, jeung permen nogat nu gambarna jelema keur ngojay + coklat Suzana
Oh enya!!!! lain tai cakcak... endog cakcak!!! :kakaka:
Di kosambi nya??? di leuwipanjang aya teu? :hehe
Nogat anu gambarna jelema keur ngojay?? :bingung:
Oooooooooooohhh eta!! anu warnana oranye nya?? aya keneh anu kitu???
Engke neangan ah.... panasaran we ieu mah
Secret_Samadhi
April 01, 2007, 16:40
endog cakcak nu kumaha sih?
gene
April 02, 2007, 14:43
Siga permen ngan di jerona aya suuk. Biasana sok warna-warni, ngarana oge kadaharan barudak. Mun produk kelas supermarket mah siga Cha-cha, ngan Cha-cha garede ari endog cakcak mah laleutik.
Teuing kunaon bet disebutna endog cakcak. Sigana aya 'dongeng'-na, sarua jeung korsi = cokor di sisi
gene
April 02, 2007, 14:45
Oh enya!!!! lain tai cakcak... endog cakcak!!! :kakaka:
Di kosambi nya??? di leuwipanjang aya teu? :hehe
Nogat anu gambarna jelema keur ngojay?? :bingung:
Oooooooooooohhh eta!! anu warnana oranye nya?? aya keneh anu kitu???
Engke neangan ah.... panasaran we ieu mah
Enya nu oranye. Di sisi jalan deukeut Baranang Siang biasana nu dagangna teh. Sok bareng dijualna jeung permen kelenci nu kertasna bisa diteureuy jeung coklat duduitan nu make kertas emas.
Secret_Samadhi
April 02, 2007, 14:55
anu heras nyak?
gene
April 02, 2007, 23:35
Heuras Ceu. Dijieunna sigana tina tipung beas nya? Mun nu rada hipu mah nu aya diluhur coklat Beng-Beng
rimei
April 03, 2007, 02:38
salah mencet euy... tah tingali dihandap
rimei
April 03, 2007, 02:38
Siga permen ngan di jerona aya suuk. Biasana sok warna-warni, ngarana oge kadaharan barudak. Mun produk kelas supermarket mah siga Cha-cha, ngan Cha-cha garede ari endog cakcak mah laleutik.
Teuing kunaon bet disebutna endog cakcak. Sigana aya 'dongeng'-na, sarua jeung korsi = cokor di sisi
Disebut endog cakcak soalna jiga endog cakcak emang. Ke, ke, ke... ari cakcak teh ngendog pan ya??? :kakaka: Poho deui...
Tapi baheula asa na mah pernah ningali endog cakcak, bener mirip jeung permen endog cakcak.
Jadi jigana mah euweuh dongengna, ngan pedah mirip we eta mah.
gene
April 03, 2007, 08:46
Emang aya kitu endog cakcak kelirna biru, hejo jeung beureum? :hehe
Eta mah nu dagangna pinter ngabohongan barudak leutik. Siga baheula keur leutik sok dibohongan mun bola pingpong teh dijieuna tina endog penyu, terus kaleci dijieuna tina hitut terus diasupkeun kana wadah sabun colek B-29 ngarah ngumpul sina jadi buleud :kakaka:
Kacida...kacida...
eardht
April 11, 2007, 16:18
:eek:
eta bener nu diluhureun sayah teh?
can pernah ngadenge ;D
geus mah diwadukan ku aki nini, tukang dagang pipilueun deui :kakaka:
Ka marana nya barudak teh?
Nggeus pada nyaho rek aya gathering di CiWalk tanggal 29 Juli?[ole]
rimei
June 27, 2007, 11:39
Enya... kamarane yeuh???
Waaaahhh.... enya kitu bade aya gathering???
Paling oge moal jadi deui lah... :hehe
barsiesol
June 27, 2007, 11:52
geuning rada tiisieun kieu euy rohoangan ..
punten ah .. ngiring ngalangkung ... wargi baru ...
salam kenal kanggo sadayana ...
wassalam
adit joker
July 15, 2007, 13:06
minta kumpulan kata2 kasarnya donk :haha
misalnya: bangs@t, kepar@t, dll
Gion Franklin
July 15, 2007, 19:03
Kehed siah! (cukup kasar nggak?) Mau ngutuk siapa, dit?? :D
minta kumpulan kata2 kasarnya donk :haha
misalnya: bangs@t, kepar@t, dll
Rek nyarekan saha eta si adit, nepi ka kukulutus murukusunu.
Sok geura omongkeun A***ING, G***OK, tapi ari nu dicarekan urang Jawa atawa Batak mah angger moal ngarti :kakaka:
geuning rada tiisieun kieu euy rohoangan ..
punten ah .. ngiring ngalangkung ... wargi baru ...
salam kenal kanggo sadayana ...
wassalam
Cik nu nembe lebet nyandak kompor geura ngarah haneuteun. :devilf:
Wilujeng ah... ::wave::
Secret_Samadhi
July 27, 2007, 06:31
tah geuningan sepi :bingung:
Eh...aya nu ganti ngaran euy? Tina panci jadi sapatu butut...:D
Secret_Samadhi
July 28, 2007, 18:04
he'eh sapatu butut, urang keur bokek yeuh.. nabung Gene rek mudik ka Bandung :D
Iraha rek ka Bandung? Bisi rek ngalempengkeun letah make basa Sunda.
Ngobrol make bahasa ditu mah asa pabaliut euy, asa loba ciduhna...:hehe
Secret_Samadhi
July 30, 2007, 21:16
he eh kudu diasah yeuh Gene bahasa Sunda urang, teu baheula ge geus ancur ayeuna komo tambah ancur.
November meureun rek balik teh :hehe
Kabar-kabari nya...bisi keur aya gath di Bandung. Barudak Bandung mah tukang gath (ningali foto gath kamari di thread 'Kenalan' geura), soalna loba tukang lalajo, tukang ramal jeung tukang dahar...:haha
Beunghar euy...nggeus ganti Avatar deui... :salut:
rimei
July 31, 2007, 03:35
Ngomongkeun saha tukang lalajo jeung tukang dahar teh kang?
Asa kasepet yeuh... ;D
Sanes atuh....
Sanes rimei tukang lalajo jeung tukang dahar mah...
Sanes rimei wungkul maksudna.....:kakaka:
rimei
July 31, 2007, 13:20
:lol:
Bisaan euy si akang mah ngajawabna.
Tapi engke mah kang gene oge jadi tukang lalajo geura, soalna loba anu ngagusur... :haha
Anu sanes kamarana ih... Hayu atuh ngob... Gathering susundaan rame jigana, asa di lembur :hehe
adit joker
July 31, 2007, 14:11
kehed teh naon?
Kehed? ::mikir::
Sarua jeung sialan meureun nya, Dit
Ari nu dina siggy eta artina naon? Alus euy, teu kaharti...:p
Secret_Samadhi
August 01, 2007, 17:17
Kabar-kabari nya...bisi keur aya gath di Bandung. Barudak Bandung mah tukang gath (ningali foto gath kamari di thread 'Kenalan' geura), soalna loba tukang lalajo, tukang ramal jeung tukang dahar...:haha
Beunghar euy...nggeus ganti Avatar deui... :salut:
he'eh tapina gath na barengan jeung babaturan urang nyak? dah urang geus lila tara balik, loba nu kudu di tengok teu bisa lamun hiji-hiji dipisah-pisah :haha
Beunghar di WG hungkul :haha
h0Ra
November 07, 2007, 09:03
eh ieu Thread ngomong Sunda? Miluan atuh...
geus lila teu ngomong basa sunda uy::ngoceh::
handycandra
November 07, 2007, 16:54
sanes, di dieu mah keur jelema nu bisa sunda :haha
urang ge geus lila tara ngomong sunda, da lidahna sok cigareleng wae :kakaka:
gene
November 12, 2007, 23:32
Naon eta cigareleng? :hehe
handycandra
November 14, 2007, 04:50
eta mah ngan ekspresi hungkul gene, siga borokokok ge pan eweuh hartina ;D
(sabenerna mah cigareleng teh namina hiji desa daerah bandung selatan, dulu ari jalema nu ngomong inggris-na enteu leres sok di-bobodoran, da lidah-na mah cigareleng kitu )
THeLaPaN
November 14, 2007, 16:14
cigereleng atuh meureun eta mah... :hehe
gene
November 16, 2007, 04:57
Beulah mana nya cigereleng teh?
Deukeut cibolerang jeung cisengked teu? :hehe
handycandra
November 16, 2007, 06:03
halah, siga rek mampir wae :haha
liburan kaditu jig :p
neangan heula di google earth :kakaka:
gene
November 17, 2007, 00:22
Google Earth bisa manggihan Cigereleng? ::eeek::
THeLaPaN
November 17, 2007, 15:09
mun rek ka cigereleng ulah meleng bisi ngageleng kaleng... :kakaka:
handycandra
November 21, 2007, 18:00
mun rek ka cigereleng ulah meleng bisi ngageleng kaleng... :kakaka:
boga si celeng, engke ditempeleng, sirahna kukurilingan :haha
hzent
December 05, 2007, 15:17
beuh...
abdi nteu' ngertos naon-naon..
:)
gene
January 22, 2008, 08:24
Mun teu ngartos teh nanya atuh...
Mun teu daek nanya, bisi digeleng ku kaleng :hehe
handycandra
January 22, 2008, 10:52
punten bapa, abdi bade nanya, ari naon teh apa ? :hehe :devil:
gene
January 24, 2008, 14:51
Apa mah salakina Ema... :hehe
Naon mah nu caang di sisi jalan : LAMPU NAON ::bash::
adjay
January 24, 2008, 15:57
eta mah lampu neon atuh juragan [rokok]
sanes lampu naon ::v::
Heheheh.....kapendak didieui deui euy ::cry::
sarehat sadayana ::malu::
gene
January 25, 2008, 13:06
Alhamdulillah di dieu mah tempat ngumpul jelema lieur, Djay
Biasana mun nggeus loba teuing nu lieur tuluy utah uger...:haha
adjay
January 25, 2008, 17:42
wekekekek....sumuhun juragan...makana ngahaja ka dieu deui...kumantak keur lieur sirah teh :D
naha meuni sararepi nya....biasana rarame :D
handycandra
January 27, 2008, 08:14
ari lieur mah gedorkeun weh kana tembok :hehe
sepi da euweuh gegedukna, kudu neangan heula saha nu rek jadi jagona di dieu :haha
adjay
February 09, 2008, 02:14
waduh pantesan euy.....meui sepi pisan....na ari kamari saha emang gegeduh na :hehe
geus we lah hady chandra deui :hehe
ngarah apdol euy :D
venkrenz
April 19, 2008, 19:31
akang keur naon seh....
milu atuhhh......^^
adjay
April 29, 2008, 18:55
upami kitu sayah oge d ajar atuh kang :D
kamarana yeuh meuni sarepi kieu :D
pararunteun sadayana.. abdi teh newbie bade join oge di dieu.. soalna abdi keur lieur oge.. :hehe
btw, mun bhasa sundana corengcang, punten atuh diajarkeun.. soalna abdi sanes USA alias Urang Sunda Aseli.. :hehe
gene
August 14, 2008, 23:52
Kamarana nya barudak....:toktok:
misscuex
August 15, 2008, 01:53
aduh senengnya banyak juga org sunda disini... ;D
tapi g ga bisa nech :o :o
payaHHH !!!! :o ;D
bahasa sunda enak ya didenger.. haluss gitu ;D
misscuex
August 15, 2008, 03:30
jujur ngiri nech g... g ga bisa bahasa sunda huhuhu :argg
telat x g klo mo bljr.. :kakaka:
red_conjurer
August 15, 2008, 04:12
gue di bandung tapi teu nyunda. padaha disini udah dari tahun berapa ;D
red_conjurer
August 15, 2008, 04:15
Kamarana nya barudak....:toktok:
jeung rerencangan indit ka PVJ ;D
misscuex
August 15, 2008, 04:15
tapi u ngerti khan bisa ngomong khan..?? ;D
nah g ?? org sunda.. semua keluarga bisa ngomong sunda but g sendiri ga bisa n ga ngerti pula..
stupid..!!! :argg
g ky kambing conge klo lagi ngumpul ama sodara... :o
kelamaan dijakarta sech :kakaka:
klo ngomong sunda bawahnya translate dunk jadi g ngerti ;D
vBulletin® v3.8.2, Copyright ©2000-2013, Jelsoft Enterprises Ltd.